BERBAKTI DAN MENGABDI

BERBAKTI DAN MENGABDI

Kamis, 01 Maret 2012

Carpon : Sakola Panungtung

Ku :  Dadan Wahyudin  [dimuat di Majalah ISMA Cianjur Edisi 115 Tahun XIII, 23 Februari - 22 Maret 2012]

Nyanghareupan Ujian Nasional pikeun kuring kacida weugahna. Lain  sérab ku pasualan UN anu jadi bukur catur balaréa atawa sieun henteu lulus dina ujian, tapi kebek ku kahariwang. Sieun mangsa kalulusan engké minangka sakola panungtungan.

Kahayang mah bisa nyuprih élmu nyiar pangarti téh nepi ka paguron luhur siga batur bisa tolab élmu di Unpad, UPI, ITB atawa didieu di Universitas Suryakancana di kompleks Pasir Gede Cianjur, tapi dalah dikumaha kaayaan kulawarga kuring sakieu waluratna.  Bisa sakola nepi ka danget ieu gé sasatna mah tisusut ti dungdung, maksa-maksakeun manéh.  

Saprak jenatna pun bapa ngantunkeun dina taun kamari, atuh Ema sacara “single parent” pohara papuketna néangan waragad pikeun pangabutuh kulawarga. Ngabajuan jeung nyakolakeun kuring katut dua adi.

Wanci janari leutik, Ema rutin iang ka pasar. Dagang bungbu leuleutikan kayaning bawang beureum, bawang bodas, asem kawak, katuncar, pedes atawa muncang anu ngahaja saacana disodér heula. Milu ngampar di lahan terminal. Wanci haneut moyan, Ema kukud tina dadasarna. 

Ladang tina dagang téh, ku Ema sok dibalanjakeun deui minangka modalna  kana bawang beureum jeung bawang bodas dina poé Senén. Balanjana téh  matuh di Bah Kin Can, grosir sohor di Ciranjang, sésana dibalanjakeun béas jeung kaperluan liana.  Ari Salasa mah tina ladang dagang dikana muncangkeun. Ari Rebo mah jatahna katuncar jeung asem. Kitu wé dina unggal poéna buda-beda, ma’lum disaluyukeun jeung modal anu pas-pasan. Eta pibungbueun ngahaja disodér saeutik-saeutik ku Ema, ngarah kabeuli ku kaum ibu anu rék masak di pilemburan. Kaduana, tina ladang nyodér, aya sésa minangka batina.

Bawang beureum hiji-hiji diasupkeun kana palastik panjang, terus dilampat ku lampu cempor.  Eusina sapuluh dina sarantuy téh.  Tiap lima rantuyan dilampat dihijikeun.   Kuring  sok milu nyodér mantuan Ema bada asar. Kitu ogé adi-adi kuring.

Wanci janari kuring  saged manggul dagangan Ema kana tolombong ka pasar Ciranjang. Di pasar tradisional mah geuning wanci éta téh haneuteun.  Loba nu daragang jeung nu balanja.  Eta wé, aleutan tukang warung anu ti lembur ngahaja ngaborong kolbak sok balanja papaheula, ngarah bisa muka warung isuk keneh cenah. Aya ogé kaluarga anu rék hajat, sok ngaringkid panca-kakina ngahaja balanja ti janari kénéh, ngarah meunang daging sapi atawa hayam seger anu anyaran meuncit ti jagal.  Kitu ogé sayuran ti Cipanas atawa  Caringin kakara diturunkeun masih salaleger matak ngirut anu meuli.

Raména pasar dina wanci janari, lain ukur ramé ku sora nu nawar harga di jongko jeung patingseledekna nu balanja, sora piriwit tukang parkir milu ngahaneutan kaayaan sabudeureuna. Di los daging, tukang daging sapi meni pakupis narima kiriman daging ti jagal  bari nyisit jeung motongan tulang iga pesenan tukang gulé.  Tukang hayam teu kaur rinéh nyacah daging kabereg ku nu balanja. Katangar tukang bubur atawa kupat tahu milu paciweuh laladang digembrong ku langganana milu sasarap. Nu ngajaga kamar mandi di tukangeun pasar ogé milu maréma, teu leupas tina ududna bari diharudum sarung nungguan kencleng jaga kakus kawantu tiris keneh meureun. Berekah ogé pikeun Ema. Lian tinu balanja saliwat, Ema miboga langganan matuh tukang warung urang Tungturunan jeung Jangari anu sok ngaborong sodéran Ema.   

Dagang leutik mah béda jeung waralaba atawa konglomerat anu euyeub ku modal tur fasilitas lengkep.  Tapi berekah, hasilna bisa dipaké balanja pikeun  waragad sapopoe. Sawaréh pikeun kabutuhan sakola.  Ngan, ari waragad sakola di paguron luhur mah tacan kaérong ti mana-mana.  Eta wé basa ngasupkeun kuring sakola ka Aliyah jeung Adi ka SMP, jenatna pun Bapa ngajual domba sajodo. Domba minangka céngcéléngan kulawarga ahirna ledis kiwari ukur kandangna.

“Duh, Gusti. Sabada UN engké, mugi ulah jadi sakola panungtungan…” gerentes haté kuring. Kasawang batur anu sagulang-sagulung ulin jeung diajar, réngsé Ujian Nasional, bakal aub tésting ka paguron luhur boh paguron di dayeuh Bandung atawa Cianjur, terus meureun milu ospék tur kuliah, ahirna diwisuda jaradi sarjana.  Ari kuring anu katelah minangka pupuhu di kelas ogé aktip di Pramuka, sarta miboga rangking, ukur luha-loho ngaligeuh atawa paling hadéna ogé milu nangkring di Pasar Ciranjang ngabantuan tukang parkir sabot nungguan Ema bérés dagangna…

Dunya teu adil. Ari budak ti kulawarga beunghar mah, sakola gampang pisan. Ka sakola kari daékna.  Malah loba nu ukur ngala status jeung gengsi wungkul.  Indit ka sakola garinding pisan. Lian ti reunceum ku asésoris, malah sok marawa motor ka sakola. Aya ogé nu sok mawa mobil, ngarah teu katohyan sok milu parkir di warung Haji Yayan.  Ka sakola ukur gunem catur atawa nangkring di kantin sakola.  Nu diadu-rényomkeun lain sual palajaran sakola, tapi sual sinétron, merek hapé anyar atawa tempat kuliner anu sohor. Soréna teu mulang, da alesan milu bimbingan belajar. Nu nyata mah tingalabring tampolana sok kawénéhan aya di Panté Malébér Cikalong atawa Cipanas ngadon arulin.  Sok manglebarkeun kuring mah, gereget ras inget ka nasib diri nu ragap taya…

Najan kuring katelah Pradana di Ambalan Pramuka,  nu boga ajén bari sok nyumangetan anggota ngarah hirup hurip, geten, ulah céngéng atawa boga sifat luhlah, kiwari mah teu bisa mindingan haté nu tingsérédét jeung tingsareblak beuki deket ka Ujian téh. Teu karasa cimata murubut ragrag. Di sakola, kuring sok dikokolot ku batur sakelas. Tapi dina lebah nyanghareupan sakola panungtung, haté jumerit …

“Ngalamun waé atuh, Wa…,” Kolotrak tulak panto dibuka ku Ema. Lamunan kuring kagebah. Harita poé Minggu, Ema kakara mulang ti pasar. Kuring buru-buru nyusut cimata, miceun katunggara haté. Kuring rikat nurunkeun tolombong nu digandong ku Ema. Eusina gula beureum jeung pedes sakilo keur sodéreun soré jeung béas saléter pikeun nyangu ayeuna. Aya ogé témpé sapotong jeung peda beureum pikeun lalawuhna.

“Sanes, Ma. Nuju milari inspirasi kanggo ngarang. Biasa kanggo ka Majalah Isma sareng cérpén di  Pikiran Rakyat Minggu, tos lami acan ngintun deui,” cekéng téh kapaksa ngabohong, teu wani wakca sual ieu mah ka Ema. Karunya ka Ema bisi kumaha onam, hayoh angot milu mikiran sakola.

“Sok atuh, didu’akeun ku Ema singhasil…,” Kituna téh Ema bari mérénan bahan sodéreun. Béas di kérésék dibuka, satengahna dibahékeun ka nyiru. Ku Ema langsung ditapi.  Sabot Ema ngisikan béas, kuring ngahurungkeun suluh di hawu. Ngarah suluh gancang ngaruhay,  ku kuring ditiupan maké songsong awi.  Ari adi mah tonggoy ngagalambar di tepas.

Poé Senén kuring meunang warta pohara bagjana. Dina upacara bendéra, Bapa Kapala Sakola ngawartakeun yén aya saurang murid di sakola ieu anu kapéto jadi Pinilih Yayasan Budaya Sunda taun ieu.  Yayasan éta mindeng milih barudak kelas 3 di wewengkon Jawa Barat nu boga kaparigelan dina widang ngarang atawa puisi, seni, jeung biantara husus maké basa Sunda. Barudak nyongcolang anu kapilih baris dibéré béasiswa pikeun kuliah di paguron luhur nepi ka jadi sarjana.  

“Déwa….” Saur Bapa Kapala Sakola nyabit-nyabit ngaran kuring dibarengan ku ibur kaleprok. Kabéh paserta upacara malencrong ka kuring. Sakedapan mah kuring asa di pangimpian, olohok ngembang kadu mata simeuteun. Batur kuring gujrud éar surak éak-éakan bari nepakan taktak. Aya ogé nu ngajak sasalaman. Malah sawaréh pirajeuneun rék ngagotong kuring awahing ku reueus ka sohib cenah.

Pangacian kuring harita acan kumpul bener. Kuring kakara eungeuh basa dipanggil ka tengah lapangan dideudeul pangwilujeng ti Bapa Kepala Sakola katut guru-guru sa sakola.

Ari geus surti mah, plong we dunya anu satadina asa heureut meni ngemplong siga jalan gedé sasapuan bengras kawas caang bulan tanggal opat welas. Langit nu tadina angkeub ku reueuk hideung ngadadak lénglang taya aling-aling.  Gusti Alloh Maha Adil.  Pikeun saha waé anu melak kreativitas atawa kahadéan baris ngala hasilna.  Pikeun Alloh mah gampang, perkara anu satadina rudet lir halimun nu nyimbutan, dumadadakan nyinglar sapada harita. Mukakeun jalan hirup manusa nu tadina buntu, cukup ku “kun fayakun”. Jadi, harita langsung jadi. Nu penting mah manusa, ulah bosen ngadunga jeung ihtiar.   ***

 Pasirgedé – Kampus Suryakancana Cianjur

Tidak ada komentar:

Posting Komentar