Siap geRRRRRak!! ada huruf R nya euy...
Hurup [r] minangka hurup pituin boh dina bahasa Indonésia ogé bahasa
Sunda. Pikeun nu cadél, hurup [r] mangrupa hurup anu hésé dikedalkeun
ku lisan kalayan béntés. Aya oge nu sok ngahaja nyingkahan hurup [r]
nalika nyebut kecap “Jaka[r]ta” sok dilandi ku kecap “ibukota” anu boga
harti sarupa. Kecap “o[r]ay” dilandi ku “cacing badag”. Kacapangan
budak cadél sok ditanggap ngedalkeun kecap-kecap anu ngandung hurup [r]
resep ku lucuna. Ngarah lancar ngedalkeun hurup [r], mangsa balita
(barudak lima taun) ku kolot urang baheula mindeng diajaran kalimah
“laleur mapay areuy” pikeun ngalatih hurup [r] sacara lisan sakaligus
ngabedakeun jeung hurup [l] anu méh sabangun.
Urang Sumatra
nalika nyebut hurup [r] di tengah kecap saperti: pergi, bekerja, atawa
beternak, nu kakedalkeun téh ukur : pe[:]gi. Beke[:]ja, atawa
bete[:]nak. Tétéla hurup [r] hésé dikedalkeuna.
Numutkeun
ahli psikolinguistik Jakobson, émang hurup [r] mangrupa hurup pamungkas
anu dipiboga ku balita. Urutan pemeroléhan fonologi (élmu dina widang
sora hurup), balita mimita bisa ngedalkeun nyaéta dina hurup [b] [p][d]
jeung [t] tinimbang [f] jeung [s], sedengkeun vokal munggaran nu
dipikabisa nyaéta vokal lébar [a]. Foném likuida [r] jeung [l] tur
sora luncuran (glide) [y] jeung [w] mangrupa foném pamungkas dina
kaparigelan bahasa.
Ngeunaan hurup [r], William Labov,
sarjana kalahiran Rutherford, New Jersey, AS tanggal 4 Desember 1927
ngayakeun panangtaluntikan sosiolinguistik dina téma “New York City
Speech”. Di New York, Labov jadi panaluntik munggaran
ngademonstrasikeun penemuan widang basa lisan kalayan daria, netélakeun
yén variasi lapal huruf [r] di kota New York dibagi dumasar kana kelas
sosial di masarakat. Di New York, lapal [r] dikedalkeun kalayan jelas
minangka kaum masarakat nu boga ajén (berprestise) mangrupa jalma anu
nyakola, sedengkan di Inggris tibalik, lapal [r] anu béntés tur jelas
dianggap golongan jalma biasa waé (henteu berprestise].
Hipotesa hubungan ngalarapkeun lapal hurup [r] jeung kelas sosial
diuji dina percobaan nalungtik bahasa lisan para asistén toko di tilu
toko swalayan anu miboga statusna buda-béda, nyaéta statusna luhur,
sedeng, jeung kulawarga biasa. Prosédur dilakukeun ku pananya ngeunaan
toko swalayan anu lanté opat ku bahasa Inggris. “Punten, di mana sapatu
kaum istri?” Maranéhna ngajawab “fourth floor”. Dina kalimah éta aya
dua kajadian anu jadi obyék panalitian nyaéta dina ngalarapkeun hurup
[r]. Tina informasi ieu aya 264 sampel anu dikumpulkeun. Hasilna 38
persen tina asistén toko boga status golongan luhur teu bisa ngedalkeun
hurup [r] secara jelas, dina status sedeng 49 persén jeung toko biasa
hasilna nyongcolang 83 persén. (Dicutat tina terjemahan buku
Sociolinguistic : An Introduction karya Peter Trudgill, Aylesbury, Bucks
: 1981).
Hurup [r] dina basa Sunda mangrupa konsonan pituin
titinggal karuhun. Bahasa Sunda euyeub ku konsonan [r] boh dilarapkeun
di hareup, di tengah atawa di tungtung. Coba titenan, konsonan [r] nu
disimpen di harep kecap : [r]euma, [r]eumis, [r]abeng, jste; aya ogé
konsonan di tengah, siga : kabeu[r]euyan, a[r]euy, ca[r]angka, jste;
atawa disimpen ditungtung siga : mute[r], peda[r], cangéhga[r], jste.
Dina kamus, konsonan [r] bisa digunakeun pikeun ngabédakeun harti dua
kecap anu méh sarupa kawas: [r]aja jeung [l]aja, [r]ami jeung [s]ami,
atawa [r]andu jeung [c]andu.
Konsonan [r] pohara gedé
mangpaatna pikeun sajumlah kecap lamun taya hurup [r] bakal ngandung
harti “cawokah” nu sok dibalibirkeun ku masarakat. Salila ieu hurup [r]
geus nyalametkeun kecap : kont[r]ol miboga harti panalingaan, anu
mindeng dipaké ku para pajabat utamana widang pamariksaan. Atawa: kecap
dikéwé[r] anu boga harti dijiwir sisi samping nu keur dipaké, bari
leumpang. Kecap éwér-éwé[r]an anu boga hartina ngarumbay biasa
dilarapkeun kana tali mindeng kénéh dipaké nepi ka kiwari. Pon kitu
deui, lembur Nangéwé[r] di hiji wewengkon tetep ngadeg nepi ka kiwari,
kusabab aya fungsi jeung mangpaat hurup [r]. Lamun taya hurup [r], duka
kumaha nasibna. Hapunten, baraya, ah! ***
Mahasiswa program studi bahasa sastra Indonesia/s2,
Universitas Suryakancana Cianjur
Tidak ada komentar:
Posting Komentar