BERBAKTI DAN MENGABDI

BERBAKTI DAN MENGABDI

Sabtu, 29 Oktober 2011

Carita Sawo, Mangle Edisi 2335, 8-17 Agustus 2011

Lamun diguar deui, ngeunaan carita sawo basa Kuliah Lapangan Sosiolinguistik mata kuliah Prof. Yus di Cijagang Cikalongkulon bulan kamari, matak pikaseurieun batur kuring saparakanca. Eta carita sawo, kieu ari caritana mah.

Kelompok kuliah lapangan dibagi dua, hiji diimah perenahna sisi jalan raya, ari hiji deui mah tukangeuna. Kelompok kuring mah kabagean ngeusian imah sisi jalan, ngan kuring salaku panitia kudu merenahkeun heula kelompok sejen di imah tukang. Ngarah tarapti, moal pahibut engkena.

Aya kana dua jamna, kakara kuring muru kelompok sorangan. Asup ka tepas, gek diuk gigireun Pa Akrom. Dina meja ngalayah suguheun, aya cai enteh, wajit, jeung lalawuh sejen balatak siga nu tas “ditampi dengan senang hati” ku para sohib téh. Aya ku reueus pribumi urang lembur, haat nyuguhan ka semah, minangka tamu ti dayeuh Cianjur, ti Kampus Suryakancana. Jeung sohib mani saroleh, aya ku ngarti, ngabageakeun kuring minangka pupuhu wakil koordinator..

Dina piring aya sawo buleud sasiki, panyana téh ngahaja nyesakeun hiji keur kuring. Sawo téh diusap-usap meni lemes kulitna, diimeutan emh mani buleud, dipencet saeutik-saeutik emoy oge, siga nu geus asak. Dirames ku ramo, sawo beulah jadi dua, am weh dihuapkeun ku kuring. Amis, amis, ceuk kuring unggut-unggutan, siga sukarelawan tukang ngetes rasa dina panelitian kuliner (master chef kiwari mah-red). Ngan ningali sohib pada mencrong ka polah kuring.

“Aya naon, jiga ku aneh, ibu-ibu téh. Hoyong deui?” cekeng téh.
“Emh, ari Pa Dadan meni raos, eta sawo téh gaduh pribumi, basa rombongan kadieu, si Ibuna teu aya… Ku abdi saparakanca ti tadi téh cekap ditingalian we bari jeung ngaruy kabita ge, mung diuusap we, teu wantun.. ” ceuk Bu Nina togmol semu manghanjakalkeun anjeun, teu diembat titadi nyao kitu mah.
“Baruk! Ari sugan téh bagean kuring, kumaha geus kieu?” ceuk kuring semu kaget, tapi angot ngagayem sesa sawo da emang amis kereueut téh nyaan lain bohong.

“Mangga ah, nyanggakeun we, siapa berbuat, dia harus bertanggung jawab,” ceuk Bu Ria bari ngadilak, kaduhung teu ku aing meureun. 
Ah, kagok borontok, urang bibita para sohib téh, cekeng dina hate.

“Emh, aya ku kareueut ieu sawo. Abong ngan hiji-hijina, keur badag téh taya sikian, meni peupeul dagingna, jigana moal manggih deui kawas nu kieu mah…haha,” ceuk kuring ngahajakeun.

“Tos…tos abdi bilih ngarelay,” ceuk ibu Nenden mairan bari memeres tali kantongna nu teu merenah. 
Bener we, dina peutingna, bada jarah ka makam Eyang Cikundul anu teu jauh ti Posko mahasiswa, ajang pelampiasan sawo. Duka cape nete tangga anu jumlahna cenah buda-beda, keur loba téh luhur deui, duka dendem keneh ningali kuring murak sawo sorangan bangun nu ni’mat, da eta basa ningali tukang sawo di tempat nu dagang, langsung ngilo sawo 3 kilo mah, dipurak harita keneh di Posko.

Emh, ari ibu-ibu, kudu sagala laksana wae ari gaduh pamaksadan téh. Kin urang nyandak sawo jeung tangkalna dina pot geura ... ***

Dadan Wahyudin
Pasirgede, Kampus Suryakancana, Cianjur

Tidak ada komentar:

Posting Komentar